Entri Populer

Selasa, 11 September 2012

Bawang Beureum Bawang Bodas (Basa Sunda)

Carita Rakyat: Bawang Merah Bawang Putih (Riau, Sumatera)
Sundanese Version



Jaman baheula dihiji desa aya hiji kaluargi diantawisna aya Bapa, Indung sareng hiji gadis rumaja anu geulis ngaranna bawang bodas. Maranehna kaluargi anu bahagia. Sanaos bapana bawang bodas ngan saukur padagang biasa, namung maranehna hirup rukun jeung damai. Namung dihiji poe indung bawang bodas gering kacida jeung ahirna wafat. Bawang bodas kacida sedihna kitu oge bapana.

Di desa eta aya oge hiji randa anu gaduh anak ngaranna bawang beureum. Saeunggeus indungna bawang bodas wafat, indung bawang beureum mineng nepungan kaimah bawang bodas. Manehna mineng mawakeun dahareun, ngabantuan bawang bodas beberes imah atau ngan maturan bawang bodas jeung bapana ngobrol. Ahirna bapak bawang bodas mikir leuwih alus lamun manehna kawin deui jeung indung bawang beureum ameh bawang bodas henteu deui tiiseun.

Dina pertimbangan bawang bodas, bapana bawang bodas kawin jeung indungna bawang beureum. Mimitina indung bawang beureum jeung bawang beureum kacida bageurna ka bawang bodas. Namung lila kalilaan sipat asli maranehna mulai katinggali. Maranehna mineng nyarekkan bawang bodas jeung masihan pagawean beurat lamun bapa bawang bodas keur indit dagang. Bawang bodas kedah ngagawean pagawean imah, samentawis bawang beureum jeung indungna ngan diuk hungkul. Nya kitu deui bapa bawang bodas henteu nyahoeun, sabab bawang bodas henteu nyaritakeun.

Hiji poe bapana gering terus teu lila wafat. Dina poe eta bawang beureum jeung indungna beuki berkuasa jeung samena-mena ka bawang bodas. Hampir henteu reureuh. Manehna kedah hudang saacan subuh nyiapkeun cai jang ibak jeung sarapan jang bawang beureum sareng indungna. Teras manehna kedah masihan kadaharan ternak, nyebor kebon sareng nyeseuh acuk ka walungan. Jeung manehna masih kedah nyetrika, beberes imah jeung masih seueur pagawean anu lainna. Tapi bawang bodas sok ngerjakeun pagaweanna ku hate bungah, sabab manehna mihareup hiji poe indung tirina bakal nyaah kamanehna sapertos anak kandung sorangan.

Enjing ieu kawas biasa bawang bodas mawa ember eusina anggoan anu bakal diseuseuh di walungan. Babari nyanyi haharewos mapay jalan satapak disisi rawa leutik anu biasa dilewatan. Poe eta cuaca kacida cerahna. Bawang bodas langsung nyeuseuh sadaya anggoan kotor anu dibawana. Bakat ku bungahna bawang bodas teu sadar lamun salah sahiji acukna aya anu geus palid kabawa arus. Cilakana acuk anu palid teh nyaeta acuk anu dipikaresep indung tirina. Saatos sadar kajadian eta, acuk indung tirina geus palid jauh, bawang bodas nyobaan ngaliwatan walungan jang milarian. Naming henteu hasil neanganna. Jeung putus harepan manehna mulang ka imah teras nyaritakeun ka indungna.

“Dasar piomongeun!” carek indung tirina. “Urang teu hayang nyaho, pokona maneh kudu neangan acuk eta! Jeung tong wawanian balik ka imah lamun maneh acan manggihan. Ngarti?”

Bawang bodas kapaksa nurutan kahayang indung tirina. Manehna langsung mapay walungan tempat manehna nyeuseuh tadi. Panon poe geus mulai kaluhur, ngan bawang bodas acan keneh manggihan acuk indungna. Manehna masang mata anu taliti dipariksa unggal kaluarna akal anu tepung ka walungan, saha nu terang acuk indungna nyangsang didinya. Saatos jauh ngalengkah jeung panon poe atoscondong ka kulon, bawang bodas ninggali hiji pangembala anu keur mandian kebona. Bawang bodas naros: “Emang nu bageur, emang ninggal acuk beureum anu palid liwat dieu? Sabab abdi kedah manggihan sareng mawana mulih.”, “Nya tadi emang ninggal. Upami anjeun lumpat enggal-enggal, meureun anjeun tiasa manggihan”, saur emang eta.

“Nya atuh mang hatur nuhun!” saur bawang bodas jeung gancang lumpat deui mapay. Poe tos mulai poek, bawang bodas tos mulai putus harepan.sakedap deui wengi, dikajauhan katinggal cahaya lampu anu asalna ti hiji gubuk di tepi walungan. Bawang bodas langsung ngadeukeutan imah eta jeung ngetok panto. “Punteun!” saur bawang bodas. Hiji awewe nu tos sepuh kaluar muka panto.

“Saha anjeun?” Saur nini eta, “Abdi bawang bodas ni. Tadi abdi nuju nyeuseuh acuk indung abdi, teras acukna palid sareng ayeuna kapeutingan. Kenging henteu abdi mondok didieu peuting ieu?” Tanya bawang bodas. “Boleh. Acuk anu anjeun pilarian warna beureum?” Tanya nini. “Nya ni. Nini mendakan?” Tanya bawang bodas.

“Nya tadi acuk eta ngait dihareupan imah. Lebar padahal nini resep acuk eta.” Saur nini. “Nya entos kuring bakal ngabalikeun deui tapi anjeun kudu maturan heula didieu salila saminggu. Geus lila kuring teu ngobrol jeung sasaha, kumaha?” penta nini. Bawang bodas mikir sakedap nini eta katinggalina teu aya rerencangan. Bawang bodas oge ngarasa iba. “Nya atuh ni, abdi bakal maturan nini salami saminggon, asal nini henteu bosen weh ka abdi.” Saur bawang bodas bari seuri.

Salila saminggu bawang bodas ngabaturan nini eta. Unggal poe bawang bodas ngagawekeun pagawean imah nini. Nya puguh weh nini eta ngarasa bungah pisan. Nepi ka ahirna saatos saminggon si nini ngageroan bawang bodas. “Nyi geus saminggon anjeun cicing didieu, nini bungah sabab anjeun jalmi anu rajin jeung berbakti. Jang nepatan jangji nini anjeun meunang mawa acuk indung anjeun balik, jeung hiji deui anjeun meunang milih hiji dinu dua labu koneng ieu jang hadiah!” saur nini. Mimitina bawang bodas teu hayangeun hadiah tapi nini tetep maksa. Ahirna bawang bodas milih labu anu leutik, “ Abdi sieun henteu kiat nyandak anu ageng,” saur bawang bodas, nini oge seuri sareng nganteur bawang bodas bepi ka hareup imah.

Sanepina di imah bawang bodas nyerahkeun acuk beureum anu indung tirina, bawang bodas indit ka dapur jang meulah labu koneng na. Alangkah bungahna bawang bodas saatos labu eta dibeulah dilebetna aya emas sareng permata anu seueur pisan. Manehna ngagorowok bakat ku bungah sareng masihan terang hal anu ajaib ieu ka indung tirina, bawang beureum anu ngadangu sarakah langsung ngarebut emas sareng permata eta. Maranehna maksa bawang bodas jang nyaritakeun kumaha manehna tiasa meunangkeun hadiah eta. Bawang bodas nyaritakeun sajujurna.

Ngadangu carita bawang bodas, bawang beureum sareng indungna ngarancanakeun hal anu sarua tapi kali ieu bawang beureum anu bakal ngalakueunana. Singkat carita ahirna bawang beureum nepi di imahna nini kolot disisi walungan. Sapertos bawang bodas, bawang beureum oge dipenta jang maturan salami saminggon, henteu kawas bawang bodas anu rajin salila saminggon eta. Bawang beureum ngan pangedulan upami aya anu dikerjakeun hasilna henteu pernah alus, sabab sok dikerjakeun asal-asalan, ahirna saatos saminggon nini eta miwarang bawang beureum indit. “Kedahna nini masihan abdi labu sabage hadiah sabab maturan nini salila saminggon?” Tanya bawang beureum. Nini eta kapaksa miwarang bawang beureum milih salah sahiji dinu dua labu nu ditawarkeun, kedah gancang, bawang beureum milih labu anu ageng sareng henteu ngucapkeun hatur nuhun manehna langsung indit. Sanepina di imah bawang beureum patepang indungna sareng hate anu bungah ninggalikeun labu anu dibawana, sabab sieuneun dipenta ku bawang bodas, maranehna miwarang bawang bodas indit ka walungan. Teras henteu sabar maranehna meulah labu eta. Tapi pas dindungka lain emas sareng permata nu kaluar tina labu eta tapi sasatoan buas sapertos oray, kalajengking sareng lainna. Sato-sato eta langsung narajang bawang beureum sareng indungna nepi ka wafat. Eta balesan jalmi anu sarakah.

Tidak ada komentar: