Sundanese Version
Jaman baheula dihiji desa aya hiji kaluargi diantawisna aya
Bapa, Indung sareng hiji gadis rumaja anu geulis ngaranna bawang bodas.
Maranehna kaluargi anu bahagia. Sanaos bapana bawang bodas ngan saukur padagang
biasa, namung maranehna hirup rukun jeung damai. Namung dihiji poe indung
bawang bodas gering kacida jeung ahirna wafat. Bawang bodas kacida sedihna kitu
oge bapana.
Di desa eta aya oge hiji randa anu gaduh anak ngaranna
bawang beureum. Saeunggeus indungna bawang bodas wafat, indung bawang beureum
mineng nepungan kaimah bawang bodas. Manehna mineng mawakeun dahareun,
ngabantuan bawang bodas beberes imah atau ngan maturan bawang bodas jeung
bapana ngobrol. Ahirna bapak bawang bodas mikir leuwih alus lamun manehna kawin
deui jeung indung bawang beureum ameh bawang bodas henteu deui tiiseun.
Dina pertimbangan bawang bodas, bapana bawang bodas kawin
jeung indungna bawang beureum. Mimitina indung bawang beureum jeung bawang
beureum kacida bageurna ka bawang bodas. Namung lila kalilaan sipat asli
maranehna mulai katinggali. Maranehna mineng nyarekkan bawang bodas jeung
masihan pagawean beurat lamun bapa bawang bodas keur indit dagang. Bawang bodas
kedah ngagawean pagawean imah, samentawis
bawang beureum jeung indungna ngan diuk hungkul. Nya kitu deui bapa bawang
bodas henteu nyahoeun, sabab bawang bodas henteu nyaritakeun.
Hiji poe bapana gering terus teu lila wafat. Dina poe eta
bawang beureum jeung indungna beuki berkuasa jeung samena-mena ka bawang bodas.
Hampir henteu reureuh. Manehna kedah hudang saacan subuh nyiapkeun cai jang
ibak jeung sarapan jang bawang beureum sareng indungna. Teras manehna kedah
masihan kadaharan ternak, nyebor kebon sareng nyeseuh acuk ka walungan. Jeung
manehna masih kedah nyetrika, beberes imah jeung masih seueur pagawean anu
lainna. Tapi bawang bodas sok ngerjakeun pagaweanna ku hate bungah, sabab
manehna mihareup hiji poe indung tirina bakal nyaah kamanehna sapertos anak
kandung sorangan.
Enjing ieu kawas biasa bawang bodas mawa ember eusina
anggoan anu bakal diseuseuh di walungan. Babari nyanyi haharewos mapay jalan
satapak disisi rawa leutik anu biasa dilewatan. Poe eta cuaca kacida cerahna.
Bawang bodas langsung nyeuseuh sadaya anggoan kotor anu dibawana. Bakat ku
bungahna bawang bodas teu sadar lamun salah sahiji acukna aya anu geus palid
kabawa arus. Cilakana acuk anu palid teh nyaeta acuk anu dipikaresep indung
tirina. Saatos sadar kajadian eta, acuk indung tirina geus palid jauh, bawang
bodas nyobaan ngaliwatan walungan jang milarian. Naming henteu hasil neanganna.
Jeung putus harepan manehna mulang ka imah teras nyaritakeun ka indungna.
“Dasar piomongeun!” carek indung tirina. “Urang teu hayang
nyaho, pokona maneh kudu neangan acuk eta! Jeung tong wawanian balik ka imah
lamun maneh acan manggihan. Ngarti?”
Bawang bodas kapaksa nurutan kahayang indung tirina. Manehna
langsung mapay walungan tempat manehna nyeuseuh tadi. Panon poe geus mulai
kaluhur, ngan bawang bodas acan keneh manggihan acuk indungna. Manehna masang
mata anu taliti dipariksa unggal kaluarna akal anu tepung ka walungan, saha nu
terang acuk indungna nyangsang didinya. Saatos jauh ngalengkah jeung panon poe
atoscondong ka kulon, bawang bodas ninggali hiji pangembala anu keur mandian
kebona. Bawang bodas naros: “Emang nu bageur, emang ninggal acuk beureum anu
palid liwat dieu? Sabab abdi kedah manggihan sareng mawana mulih.”, “Nya tadi
emang ninggal. Upami anjeun lumpat enggal-enggal, meureun anjeun tiasa
manggihan”, saur emang eta.
“Nya atuh mang hatur nuhun!” saur bawang bodas jeung gancang
lumpat deui mapay. Poe tos mulai poek, bawang bodas tos mulai putus
harepan.sakedap deui wengi, dikajauhan katinggal cahaya lampu anu asalna ti
hiji gubuk di tepi walungan. Bawang bodas langsung ngadeukeutan imah eta jeung
ngetok panto. “Punteun!” saur bawang bodas. Hiji awewe nu tos sepuh kaluar muka
panto.
“Saha anjeun?” Saur nini eta, “Abdi bawang bodas ni. Tadi
abdi nuju nyeuseuh acuk indung abdi, teras acukna palid sareng ayeuna
kapeutingan. Kenging henteu abdi mondok didieu peuting ieu?” Tanya bawang
bodas. “Boleh. Acuk anu anjeun pilarian warna beureum?” Tanya nini. “Nya ni.
Nini mendakan?” Tanya bawang bodas.
“Nya tadi acuk eta ngait dihareupan imah. Lebar padahal nini
resep acuk eta.” Saur nini. “Nya entos kuring bakal ngabalikeun deui tapi
anjeun kudu maturan heula didieu salila saminggu. Geus lila kuring teu ngobrol
jeung sasaha, kumaha?” penta nini. Bawang bodas mikir sakedap nini eta
katinggalina teu aya rerencangan. Bawang bodas oge ngarasa iba. “Nya atuh ni,
abdi bakal maturan nini salami saminggon, asal nini henteu bosen weh ka abdi.”
Saur bawang bodas bari seuri.
Salila saminggu bawang bodas ngabaturan nini eta. Unggal poe
bawang bodas ngagawekeun pagawean imah nini. Nya puguh weh nini eta ngarasa
bungah pisan. Nepi ka ahirna saatos saminggon si nini ngageroan bawang bodas.
“Nyi geus saminggon anjeun cicing didieu, nini bungah sabab anjeun jalmi anu
rajin jeung berbakti. Jang nepatan jangji nini anjeun meunang mawa acuk indung
anjeun balik, jeung hiji deui anjeun meunang milih hiji dinu dua labu koneng
ieu jang hadiah!” saur nini. Mimitina bawang bodas teu hayangeun hadiah tapi
nini tetep maksa. Ahirna bawang bodas milih labu anu leutik, “ Abdi sieun
henteu kiat nyandak anu ageng,” saur bawang bodas, nini oge seuri sareng
nganteur bawang bodas bepi ka hareup imah.
Sanepina di imah bawang bodas nyerahkeun acuk beureum anu
indung tirina, bawang bodas indit ka dapur jang meulah labu koneng na. Alangkah
bungahna bawang bodas saatos labu eta dibeulah dilebetna aya emas sareng
permata anu seueur pisan. Manehna ngagorowok bakat ku bungah sareng masihan
terang hal anu ajaib ieu ka indung tirina, bawang beureum anu ngadangu sarakah
langsung ngarebut emas sareng permata eta. Maranehna maksa bawang bodas jang
nyaritakeun kumaha manehna tiasa meunangkeun hadiah eta. Bawang bodas
nyaritakeun sajujurna.
Ngadangu carita bawang bodas, bawang beureum sareng indungna
ngarancanakeun hal anu sarua tapi kali ieu bawang beureum anu bakal
ngalakueunana. Singkat carita ahirna bawang beureum nepi di imahna nini kolot
disisi walungan. Sapertos bawang bodas, bawang beureum oge dipenta jang maturan
salami saminggon, henteu kawas bawang bodas anu rajin salila saminggon eta.
Bawang beureum ngan pangedulan upami aya anu dikerjakeun hasilna henteu pernah
alus, sabab sok dikerjakeun asal-asalan, ahirna saatos saminggon nini eta
miwarang bawang beureum indit. “Kedahna nini masihan abdi labu sabage hadiah
sabab maturan nini salila saminggon?” Tanya bawang beureum. Nini eta kapaksa
miwarang bawang beureum milih salah sahiji dinu dua labu nu ditawarkeun, kedah
gancang, bawang beureum milih labu anu ageng sareng henteu ngucapkeun hatur
nuhun manehna langsung indit. Sanepina di imah bawang beureum patepang indungna
sareng hate anu bungah ninggalikeun labu anu dibawana, sabab sieuneun dipenta
ku bawang bodas, maranehna miwarang bawang bodas indit ka walungan. Teras
henteu sabar maranehna meulah labu eta. Tapi pas dindungka lain emas sareng
permata nu kaluar tina labu eta tapi sasatoan buas sapertos oray, kalajengking
sareng lainna. Sato-sato eta langsung narajang bawang beureum sareng indungna
nepi ka wafat. Eta balesan jalmi anu sarakah.